sapunyer.mid
SAPU NYERE PEGAT SIMPAI
Written by: NN

ririungan urang karumpul
meumpeung deukeut hayu rang sosonoan
pacangkrama hari ngawadul
urang silih tempas silih aledan

moal lila jeung bahaturan
hiji wanci anu geus ditangtukeun
bakal pisah bakal pajauh
bakal mopohokeun ka tineung urang

sapu nyere pegat simpai
bakal kasorang takdir Gusti Hyang Widi
pasti kalakon urang rek papisah urang rek pajauh
meumpeung deukeut hayu rang sosonoan